Baheula mah, nu beunghar di kampung-kampung, tara nembongkeun, tara angkuh, estu buburuhun pisan, ari lain nu wawuh mah teu nyangka yen eta jelema aya. Aya dongeng kieu:
Pa apin teh, di desana mah pangbeungharna, malah kawasna, dibandingkeun jeung nu baleunghar di desa-desa tatanggana oge euweuh nu muat.
Hiji mangsa, manehna ka Pasar Cicalengka, balanja keur kaperluan rumah tanggana. Papakeanana teu ngaginding, make pamaculan bae. Leumpang teu tutumpakan, da jaman eta mah can aya tutumpakan, sado ge langka.
Waktu balikna, di lebah lawang pasar, aya tukang bako, rek mawa bakona satanggungan ka Pasar Majalaya. Neangan nu baris pinanggungeun. Kabeneran Pa Apin ngaliwat, ditanya ku tukang bako teh.
Tukang bako:" Mang, cing pangnanggungkeun ieu bako ka Majalaya . Engke dibere tilu baru.
Pa Apin:"Mangga. Tapi engke di lebah imah kuring, rek nyimpangkeun heula ieu menang balanja."
Tukang bako:"Heug, pek atuh geura tanggungg."
Pa Apin rigidid nanggung bako,diiringkeun kunu boga. Lebah imahna, nyimpang heula. Tanggungan bakona dibawa, atuh nu boga ngiringkeun. Nepi ka lawang imah ditunda.
Pa Apin:"Ke antos didieu sakedap, rek ka rorompok heula."
Sajongjongan, tukang bako olohok, ngilikan imah gede, gudangna ngajajar. Pa apin teu jalan hareup, tuluy ka pipir ka pipi imah,asup ti dapur. Sadatangna, tuluy mandi, dangdan. Ka bujangna nitah nyadiakeun dahareun. Pa apin , api-api tumpa-tempo, tuluy sasauran ka putrana:"Lan euy, itu saha ngajanteng di dora. Bisi aya kaperluan sina asup."
Tukang bako rada kesel ngadagoanana, malah make rada hemar-hemir, boa eta jalma nu beunghar.
Keur jongjon-jongjon, anak Pa Apin, pokna: "Mang damel naon didieu?"
"Puguh ieu ngantos nu nanggung bako, ka imah heula cenah," ceuk tukang bako.
Anak Pa Apin:"Itu saur pun bapa, diditu diantos."
Tukang bako:"Ah sawios da moal lami, sareng isin deuih."
Anak Pa Apin" "Ah tong isin-isin, anggur boa pun bapa ngagaleuh eta bako. Keun ku abdi dipangnanggungkeun kadinya."
Tukang bako, bakating ku dipaksa, tuluy asup, bakona dibawa ku manehna.
Pa apin: "Mangga calik, mawa naon eta teh?"
Tukang bako, sajeroning diuk dina korsi, bari nyidik-nyidik ka pribumi dina hatena, heran da rupana meh dek sarimbag, ngan ieu mah ginding. "boa-boa, ceuk pikirna."
Pa apin: "Mangga ngaleueut. Keun ieu bako mah ku emang dibeuli kabeh. tah ieu artosna."
tukang bako nampanan duit, bari nagnuhunkeun. Tuluy permisi rek muruhan nu nanggung.
Ku Pa Apin sina dahar heula, ari Pa Apin mah ka tukang heula, ngan aya anakna.
Tukang bako: "Puguh abdi teh bade milari nu nanggung tadi, leosna ka pungkur, bilih milari."
Anak Pa Api: "Na saha atuh nya? kumaha dedeganana?"
Tukang bako: "Tadi tepang di pasar, nganggo baju hideung, dedeganana jangkung hideung."
Anak Pa Apin: "Ih, da kitu dedeganana mah pun bapa,ongkos tas ti pasar deuih."
Tukang bako: "Leuh boa-boa leres. Na atuh emang teh. Hapunten bae." Keur kitu jol Pa Apin.
Tukang bako gancang muru sideku, ampun-ampunan.
Pa Apin; "Ah, teu naon-naon, keun bae da salah emang, papakean teu umum. Sihoreng papakean nu jadi harga teh."
Sanggeus kajadian kitu mah, dangdanan Pa Apin robah, sarta tuluy nyobat jeung tukang bako tea.
(Bumela)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa