Tampilkan postingan dengan label Ngabungbang. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Ngabungbang. Tampilkan semua postingan

Selasa, 06 Maret 2012

Taraje

Aya urang Batawi anyar pindah ka Tatar Pasundan. Kulantaran sumur caina saat, nya ngahiras tukang ngali sumur urang Sunda. Teu kudu dicatur kumaha-kumahana mah.Kacaritakeun pas waktuna dahar, Si Urang Batawi tea, nitah dahar:

Urang Batawi : "Mang makan dulu!"
Tukang Sumur: "Taraje bang"

Ari kadengena ku urang Batawi mah "ntar aje". Leos we manehna asup deui ka imah.
Geus kira-kira nya sapanyeupahan, jol deui Si Batawi nyampeurkeun nu keur ngagali, terus gera-gero deui.

Urang Batawi : "Mang! udah siang makan dulu nape"
Tukang Sumur:"Bang, taraje"

Si Batawi gogodeg bari ngaleos. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali, tapi beuki lila sora Si Tukang Ngali Sumur beuki halon, malah ampir les-lesan.

Waktu geus manceran, Si Urang Batawi bari rada keuheul, myampeurkeun deui Tukang Sumur. Gorowok, ngagorowok tarik pisan:

Urang Batawi: "Mang....mang....keburu basi tuh nasi, makaaan dulu!".
Tapi teu kadenge aya nu ngajawab ti handap. Nepika sababaraha kali gegeroan, tapi welej euweuh nu ngajawab.

Panasaran bari rada curiga, Si Urang Batawi nyokot taraje, terus turun ka handap. Nepika ka handap, kasampak Si Tukang Ngali ngaringkuk lapiuhan.

Cag

(NN)
Salajengna Juragan

Kamis, 01 Maret 2012

25 Rebu Sakilo

Nini-nini naek lift ka lantei 6.Di lantaei 3 aya gadis (mojang) naek meni sareungit.
Nini:"Duh neng meni sareungit"
Gadis:"Bvlgari nini.....750 rebu sabotol". Agul eta si gadis

Di lantei 4 aya deui gadis asup, leuwih seungit ti nu tadi
Nini:"Neng ge meni seungit"
Gadis ka 2: "Gucci nini 900 rebu sabotol", agul deui wae eta si gadis teh.

Nepi ka lntei 6, nini ka luar bari hitut melekbek kacida bauna. Gadis-gadis nu di jero lift ampir-ampir kapiuhan. Ceuk si nini bari ka luar, "Cilembu neng 25 sakilo".....hehehhe

(NN)

Salajengna Juragan

Rabu, 16 November 2011

Diajar Basa Mandarin

How to make a gif


Assalamu'alaikum......sampurasun lur....wilujeng sonten.Aya carita yeuh, lumayan tamba ngengsrok.Sugan ku maca ieu carita ngengsrokna beuki ripuh..hahay...kieu.

Saurang guru Basa Mandarin keur sibuk ngajar murid-muridna.Si Guru, nanya ka murid-muridna saurang-saurang:

Guru: "Cing saha nu bisa..... ngacung, kade ulah suku nu diacungkeunana.Naon basa mandarina peuting".
cung Si Ijem anu kawentar murid nontot polo ngacung, bari pok ngajawab."can siang buu.."
Guru:"Alus Jem.Sisinarieun utek maneh rada cekas, biasana teu bisa pikir da beak dipiceunan.Cing ilaing Adut.Naon Basa Mandarina, seukeut?".Ceuk guru, bari nyanghareup ka Si Adut.
Adut:"Ahhh...gampil bu....tungtung seng"
Guru:"Heueuh...100 tah keur maneh.Ari lapar naon Unen?, ceuk bu guru bari ka Si Unen.
Unen:"can daang bu"
Bu Guru unggut-unggut tanda sugema, terus malik ka murid anu di juru, katelahna Si Ocon, murid nu pangpinterna di kelas. Giliran maneh Con, naon Basa Mandarina domba ngencar jeung molongo.
Ocon:"Cing cang cang sareng liang hong bu"
Guru: "alus.Tah ayeuna giliran maneh Anen", ceuk bu guru bari nyampeurkeun Si Anen, murid nu kawentar rada ceuleupeung."Ari Basa Mandarina bau naon?" ceuk bu guru neruskeun caritaanana.
Anen:"Can mandi bu"
Guru:"Maneh nu can mandi mah", ceuk bu guru bari manyun.

Cag.


Salajengna Juragan

Kamis, 28 Juli 2011

Tatarucingan 1

Image by FlamingText.com



Si Carles (ari ngencar terus ngereles), ngajak tatarucingan ka Si Mikael. 


Si Carles:Tarucingan euy?!
Si Mikael:Tarucingan naon bro?sok
Si Carles:Kieu, jawab ku ilaing heueuh! Naon bedana silaing jeung monyet? (bari rada ngasin)
Si Mikael:Na tarucing teh beubeut melit ka dewek (bari rada nyureng)
Si Carles:Tenang bro, tong waka nyureng, asa beuki goreng tah beugeut.Ngaranna ge tarucing atuh, da moal matak bohak ieuh.Taluk?
Si Mikael:Nya beda atuh, dewek mah jelema, monyet mah sato.
Si Carles:Cacing ge apaleun eta mah. Lain…lain eta nu dimaksud ku dewek mah.
Si Mikael:(ngahuleng sakeudeung)….nyao ah teu timu.
Si Carles:Taluk?!
Si Mikael:Heueuh
Si Carles:Bedana?...ari monyet mah botakna teh bujurna, ari silaing mah sirahana…..ha….ha……ha…ha
Si Mikael:Jadol siah (jamotrot)
Si Carles:Eiit..tong esmosi, ngarana ge tarucing. Sok gilaran ilaingeun.
Si Mikael ngageremet hayang males.Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok nyarita.
Si Mikael:Dewek ge moal jauh tina masalah monyet. Cing naon bedana motor  jeung monyet?
Si Carles: (ngahuleng bari ngagaroan bujur)
Si Mikael:Taluk?!
Si Carles:Taluk.
Si Mikael:Ari motor mah Kawasaki.(reg nyaritana eureun teu kebat).
Si Carles:Ari monyet?! (panasaran)
Si Mikael:……Kawasia….ha…ha…ha….1:1

Caag
Salajengna Juragan