Tampilkan postingan dengan label Mangsa/waktu. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Mangsa/waktu. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 08 Oktober 2011

Pranata Mangsa

Nu disebut pranata mangsa nyaeta perelean ngaran usum-usuman dina jero sataun. geura titenan ieu di handap:

1. Kasa (=kahiji), ti tanggal 22/23 Juni-2/3 Agustus=usum mimiti melak palawija.
2. Karo (=kadua), ti tanggal 2/3 Agustus-25/26 Agustus=usum randu pucukan; melak palawija kadua.
3. Katiga (=katilu), ti tanggal 25/26 Agustus-18/19 September=usum beubeutian sirungan; panen palawija.
4. Kapat (=kaopat), ti tanggal 18/19 September-13/14 Oktober=usum sumur saraat; randu pentilan; usum melak cau.
5. Kalima, ti tanggal 13/14 Oktober -9/10 Nopember-22/23 = usum turun hujan; asem pucukan; koneng ngadaun ngora
6. Kanem (= kagenep), ti tanggal 9/10 Nopember - 22/23 Desember = usum bubuahan mimiti karolot; usum ngagarap sawah.
7. Kapitu (= katujuh), ti tanggal 22/23 Desember - 3/4 Pebruari = usum caah jeung gede angin; usum tandur.
8. Kawolu (=kadalapan), ti tanggal 3/4 Pebruari -1/2 Maret=usum pare reuneuh; loba hihileudan jsb
9. Kasonga (= kasalapan), ti tanggal 1/2 Maret - 26/27 Maret = usum pare rampak, turaes ngear
10. Kasadasa (= kasapuluh), ti tanggal 26/27 Maret - 19/20 April = usum pare beuneur hejo; manuk-manuk nyarayang; usum palawija di tanah darat.
11. Desta (= kasabelas), ti tanggal 19/20 April - 12/13 Mei = aya keneh waktu keur malawija; manuk-manuk maraban anakna.
12. Sada (= kaduabelas), ti tanggal 12/13 Mei - 22/23 Juni = usum rampak jami; isuk-isuk tiris.

(Dicutat tina Peperenian; Drs.  Ahmad Hadi , Spk.)



Salajengna Juragan

Rabu, 05 Oktober 2011

Sesebutan Waktu dina Sapoe Sapeuting



Wanci janari gede; kira-kira tabuh 01.00-03.00 peuting
Wanci janari leutik; kira-kira tabuh 03.30-04.30
Wanci balebat; waktu pajar geus udat-udat (sinar panon poe) beulah wetan (-+04.30)
Wanci carancang tihang; wanci liwat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh (-+tabuh 4:30-05:00)
Wanci rumangsang; waktu panon poe geus karasa mimiti karasa panas (-+tabuh 09:00)
Wanci pecat sawed; waktu munding nu dipake gawe dilaan sawedna (-+ tabuh 10.00)
Wanci manceran/lohor; waktu panon poe luhureun sirah, tengah poe (tabuh 12:00)
Wanci lingsir ngulon;waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon (tabuh 13:00)
Wanci panonpoe satangtung; -+ tabuh 15:00
Wanci tunggang gunung; waktu panon poe geus rek surup ayana dina luhureun gunung (-+tabuh 16:00-17:00)
Wanci sariak layung; waktu layung (sinar panonpoe) di langit katenjo beureum (-+ tabuh 17:00-18:00)
Wanci sareupna; geus mimiti poek (-+ tabuh 18:30)
Wanci sareureuh budak; waktu budak leutik geus mimiti carapeeun tas hareureuy jeung dulur (-+tabuh 20:00)
Wanci tengah peuting; -+ tabuh 12:00


(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk)
Salajengna Juragan