Tampilkan postingan dengan label Kecap Sesebutan Bilangan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kecap Sesebutan Bilangan. Tampilkan semua postingan

Kamis, 01 Maret 2012

Ukuran Beurat jeung Lobana Pare

Saranggeuy; sagagang
Sapocong; satengah geugeus (pikeun ukuran pare nu ranggeuyanana bisa kakeupeul).
Saeundan; sapocong
Sageugeus; dua pocong nu dibeungkeut dihijikeun
Sagedeng; sageugeus.
Sasangga; 5 geugeus
Salajer; 4 sangga = 20 geugeus
Sacaeng; 200 geugeus=2 madea=4 tanggung=10 lajer=40 sangga
Sabawon; 4 pocong
Satanggung; 50 geugeus
Saundem; pikeun ukuran beas anu ditaker ku batok, kira-kira satengah leter.
Samadea; satengah caeng= 100 geugeus=6 kati
Sakati; kira-kira 817, 5 gram.
Sagantang; 10 undem= 5 kati=3087,5 gram
Saleter; 1 dm kubik.
Saemud; kira-kira saleter leuwih.
Sakulak; kira-kira 2,5 kg, keur ukuran beas.
Sapikul; 100 kati, kira-kira 62, 5 kg, keur ukuran bangsal
Sadacin; sapikul

(dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Jumat, 07 Oktober 2011

Kecap Sesebutan Bilangan (Nuduhkeun Jumlah)

Salosin; dua belas (12)
Sakodi; dua puluh (20)
Salikur; dua puluh hiji (21)
Dua likur; dua puluh dua (22)
Tilu Likur; dua puluh tilu (23) jst
Salawe; dua puluh lima (25)
Saraju; opat puluh (40)
(sok dilarapkeun kana bilangan lauk)
Sawidak; genep puluh (60)
Sagros; saratus opat puluh opat (144)
Salaksa; sapuluh rebu (10.000)
Saketi; saratus rebu (100.000)
Sayuta; sajuta (1000.000)

(Nyutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan

Ukuran Panjang jeung Lega

Gif maker

Satumbak; 3,77 meter
Sabata; 14 meter pasagi
Sapal; 1,5 kilometer
Samil; 1,5 kilo meter
Saare; 100 meter pasagi
Sahektar; 100 are Sabau=500 bata=7096.50 meter pasagi
Sakaki; 03, meter-30 cm
Saelo; 0,688 meter
Salcak; saelo pasagi
Sadim; satapak jengkol
Sajeungkal; sapanjang ti tungtung indung leungeun nepika tungtung cingir upama dipentangkeung= kurang leuwih 20 cm
Sajeujeuh; sarua jeung panjang dampal suku kolot
Sadeupa; sapanjang ti tungtung ramo leungeun kenca tepi ka tungtung ramo leungeun katuhu upama dipentangkeun=kurang leuwih 1,60 m
Satampah; kira-kira sagede dampal leungeun kolot
Sakodok; ti tungtung jajangkung nepi ka kelek


(Nyutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Salajengna Juragan