Tampilkan postingan dengan label Harewos .. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Harewos .. Tampilkan semua postingan

Senin, 26 September 2011

Nu Reueus Kana Sastra Sunda

Upama aya urang Jepang anu pasehat ngagunakeun Basa Sunda, salahsaurangna nyaeta Dr. Mikihiro Moriyama. Dirina teu saukur pasehat nyarita ku Basa Sunda, dina kahirupan sapopoe, tapi oge mampuh mikir jeung ngebrehkeun pikiranana kalawan lisan.

Kamapuhna dina ngagunakeun Basa Sunda ditembongkeun ka sakumna nu hadir dina acara sawala buku semangat baru:Kolonialisme, Budaya Cetak jeung Kasusatraan Sunda Abad  ke-19 di Gedung loka Abika Widya Itenas, Bandung sawatara waktu katukang. Nu nyawang eta buku Mikihiro, nyaeta Prof. Dr.Iskandarwassid, M.Pd. jeung Drs. A.N. Muhtadin. Sedengkeun anu jadi panumbu caturna H.W. Setiawan

Buku anu ditulis salila sawelas taun ku seler teureuh Nippon ieu teh judul asalna nyaeta buku A New Spirit: Sundanese Publising anda changing Confirugation of writing in Nineteent Century West Java. Satuluyna eta buku ditarjamahkeun kana Basa indonesia  ku Suryadi, M.A, jeung diterbitkeun ku Kapustakaan Populer Gramedia (KPG, 2005).

Gagasan pikeun nalungtik perkara asal muasal tulisan Sunda Modern ieu teh mimitina mah basa keur dirina matuh di Leiden taun 1998. Tumuwuhna karep pikeun nulis  disertasi ngeunaan kasundaan teh saprak dirina amprok jeung R. Heing Maler.

"Sedengkeun bahan-bahan anu ku abdi diserat tos dikempelkeun sateuacana." ceuk Mikihiro ku Basa Sundan anu lentongna oge mani nyunda.

Moehammad Moesa mangrupa sastrawan anu jadi puseur panalungtikanana. "Moehammad Moesa dianggap satrawan anu hebat dina mangsana, panulis anu pinunjul, sarta anu ngawasa pisan kana ragam Basa Sunda. Data-data ngeunaan Moehammad Moesa rea anu kapanggih di Leiden. Kumargi kitu, abdi miharep ieu hasil karya teh jadi nuwuhkeun sumanget pikeun panulis sejenna nu aya di Tatar Sundana sorangan, utamana dina ngagali kabeungharan basa jeung sastra Sunda dina abad ka-19. Naon-naon anu ditulis ku abdi kakara kumpulan pananya". Ceuk Mikihiro handap asor pisan.

Kiwari  ieu alumnus alumnus Fakultas Sastra Univesrsitas  Leiden, ngajar di Univesitas Nazan Jepang."Di Jepang abdi teu mung ukur basa jeung Sastra Sunda, tapi ngajar oge basa jeung sastra Indonesia."

Upama dirina dipanjangkeun umur, baris tetep museurkeun panitenana kana kamekaran jeung tumuwuhna sastra Sunda.Nu jadi alesanana teh cenah yen dina karya sastra Sunda mah leubeut informasi anu gede pisan ajenna, nu teu ukur mangpaat pikeun dirina, tapi oge pikeun jalma sejenna,  pangpangna pikeun masyarakat Sundana sorangan.

"Ieu buku anu ditulis teh itung-itung tawis nuhun ka urang Sunda geus ngajadikeun diri abdi saperti kiwari.Naon-naon anu ku simkuring ditaluntik, diwangsulkeun deui ka urang Sunda nyalira. Mugia wae urang Sunda kersa ngaosna." ceuk Dr. Mikihiro Moriyama bari imut.

Ditarjamahkeun tina
Pikiran Rakyat


(Gentra Basa Sunda; Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.)
Salajengna Juragan

Selasa, 30 Agustus 2011

Gotong Royong

Unggal bangsa, pada boga adat istiadat nu geus jadi kabiasaa maneuh kaayaan kapribadianana.

Di urang di Pasundan, dina saban-saban tempat, pada boga adat kabiasaan. Ngan rata-rata kabeh sajalan, anu tujuanana kana gotong royong. Saperti dina ngadegkeun imah, jaman beh ditu mah, tara ngaluarkeun ongkos keur buruhan, sabab pada ngabantu ku tatangga-tatanggana.

Di salah sahiji tempat, kagotong-royongan teh, masih keneh kuat pisan, saperti di Kabupaten Bekasi.

Dina kapapatenan, teu kudu dipentaan tulung deui, hideng sorangan nu ngali kuburan, nu ngagotong, nu miaramayit, teu pandang buruhan. Malah, adat di dinya, nu maot teh, sok dipangmacakeun Qur'an, ti mimiti dug. Waktuna aya sapoe sapeuting,saminggu, tampolana opat puluh poe, beurang peuting.

Mun mayit geus dikubur, nu ngaji pindah ka kuburan, nyieun saung dadakan. Nu ngajina piligenti, estu teu pegat, samenit oge. Anu ngaralayad, kabeh pada mangmacakeun ayat Qur'an, rereana Qulhu.

Daratang kadinya bari nyumbang sakuatna, aya nu ku duit, aya nu ku dahareun boh atahna, boh asakna. ari nu nyumbang ku dahareun mah,tempatna di imah nu sejen. Nu ngaleueut di imah nu sejen, henteu di dinya.Sareresna, dipasrahkeun kanu boga papait. Jadi nu boga papait mah, teu kudu milu riweuh nguruskeun waragad, lantaran keur sedih. Sumawona mun cara di salah sahiji tempat, make kudu aya salawat jeung gaganting, di dinya mah teu aya. Kitu carana dina aya papait.

Ari dina aya nu boga karia, saperti kawinan, nyunatan jeung sabangsana pisaminggueun deui kana waktuna hajat, geus breg nu manyieunkeun balandongan jeung ubrug, nu boga karia mah, teu nyahoeun, ti mana bahana, sumawona make buruhan, marab ge henteu.dina lekasanana, teu kanyahoan deuih, geus berees bae, saperti saasal ti heula.

Nu sarumping, ngan ngaleueut bae, da bacreu mah teu meunang di dahar. Pamasangan nu biasa didahar, ngan nu disadiakeun dina piring alas, cau, lapis jeung sajaba ti eta.

dina ngadegkeun masjid, madrasah, pada mantu, ku harta, ku tanaga. Kabeh pada nyumbang sakuatna teu kudu dipentaan deui. Malah mah, nu kapanggih dina kira-kira taun 1955, aya nu nyumbang ratusan rebu rupiah. Henteu dikukuprak dipentaan, hideng sorangan datang ka panitia nyumbang.

Kitu diantarana nu kapanggih nu netelakeun yen di urang, di indonesia sumanget gotong-royong teh aya ti baheulana. Jeung aya deui, anu perlu dipake conto,dina pacogreg, upamana der pasea teh, rongkah, nepi ka laklak dasar. Ari enggeusna, upama geus ngarasa puas, sasalaman tuluy ngahiji deui, euweuh urut-urutna, taya ngunek-ngunek. Estu picontoeun.

(Tina Bumela)
Salajengna Juragan

Rabu, 27 Juli 2011

Ti H Goerjama




Sing saha nu dilahirkeun atawa digedekeun di Tatar Sunda, isuk jaganing pageto pasti anak incu bakal nanyakeun hal ikhwal kaulinan barudak jaman baheula......... (H. Goerjama)
Salajengna Juragan