Tampilkan postingan dengan label Golongan Carita. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Golongan Carita. Tampilkan semua postingan

Kamis, 01 Maret 2012

Roman Asmara

Dina roman bangsa kieu, anu nonjol teh bab tresnaningsih antara awewe jeung lalaki. Gumantung kana "beurat" jeung "entengna" roman tea, nyaritakeunana ge aya nu talete (tapi biasana make basa-basa sindir), aya nu ngan saliwat-saliwat bae. Upamana bae, "Renggani", (saterusna mah roman perang anu make tujuan propaganda ka Islaman.

Conto sejenna "Rara Mendut", "Lain Eta", "Tresnasena Jeung Nyi Putri Sedihasih", jeung rea-rea deui.


(tina Kandaga: M.A. Salmun)
Salajengna Juragan

Senin, 23 Januari 2012

Roman Ilahar

Disebut aneh, teu aneh: disebut teu aneh da resep macana. Upamana bae "munjung", nyaritakeun sawatara ronda desa ngadarongeng. Atawa upamana deui "Awak ruksak Banda beak", nyaritakeun jelema nu ngalajur napsu,nepika hirupna jadi malarat jeung dipuuk kasakit. Atawa deui "Enden Siti", anu ditalak tuluy boga salaki deui.

Eta kabeh hal anu ilahar bae,anu bae, anu biasa kajadian di masarakat sapopoe, sarta kunu ngarangna oge henteu dianeh-aneh.



(tina Kandaga; M.A. Salmun)
Salajengna Juragan

Rabu, 14 Desember 2011

Harti Carita

Dina harti sapopoe, anu disebut carita teh naon bae anu diomongkeung.Malah ngomong biasa oge osok disebut nyarita. kitu deui anu ngabejaan atawa mere beja, disebutna nyaritaan atawa mawa carita. Nepika aya babasaan "teu beja teu carita".

Ari dina kasusastraan, anu disebut carita teh saniskara anu diguar ku nu nulisna. Tapi lamun geus mangrupa buku, lamun anu didangding mah disebutna wawacan.

Sakapeung carita teh sok aya nu pahili jeung lalakon. 
Saenyana, ari nurutkeun istilah mah, "lalakon" teh kalakuan atawa lalampahan anu ngabogaan jejer carita. Nyaeta  golongan anu ngabogaan "anak golongan", jeung golongan laleutik anu masing-masing mandiri pribadi.


(Kandaga; M.A. Salmun)
Salajengna Juragan