Sampurasun, giring aub
neda cikaracak ka-Sundaan
sugan teu tuhur ku katiga
henteu keri ku gogoda
golontorkeun cai rasa
kana wahangan seni
anu wening sarta suci
kokojayan bari teuteuleuman
dina leuwi kabudayan
silih simbeuh silih cebor
ku kabinangkitan
lebar temen mun sastra Sunda teu mekar
tangkal budaya ngarangrarangan
jadi ciri
kurang pangraksa
ti para mitra
Putra Sunda
(Kandaga)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa