Made Mandala

Rabu, 14 Desember 2011

Harti Carita

Dina harti sapopoe, anu disebut carita teh naon bae anu diomongkeung.Malah ngomong biasa oge osok disebut nyarita. kitu deui anu ngabejaan atawa mere beja, disebutna nyaritaan atawa mawa carita. Nepika aya babasaan "teu beja teu carita".

Ari dina kasusastraan, anu disebut carita teh saniskara anu diguar ku nu nulisna. Tapi lamun geus mangrupa buku, lamun anu didangding mah disebutna wawacan.

Sakapeung carita teh sok aya nu pahili jeung lalakon. 
Saenyana, ari nurutkeun istilah mah, "lalakon" teh kalakuan atawa lalampahan anu ngabogaan jejer carita. Nyaeta  golongan anu ngabogaan "anak golongan", jeung golongan laleutik anu masing-masing mandiri pribadi.


(Kandaga; M.A. Salmun)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar