Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing=korma.
Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngarenah teuing=pengis.
Abdi teh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan=pisin.
Abdi ti menak ka somah, gamparan mah ieu aing=umaing.
Ajad desa basa Jawa, lesuna teu aya tanding=asu
Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing=asu
Ajag lembur lamun engkang, enjing henteu langsung deui=anjing
Alun-alun paleuweungan, gagal temen mun teu jadi=tegal
Anak beurit dina katung, kapan enden mundut encit=buncit
Anak munding masih nysu, aduh eneng buah ati=eneng
Anu siram kokojayan, abdi pamoyokan badis=ngoyok
Angeun somah pakampungan, kajeun bedo ti kiwari=bodo
Areuy leuweung merang daun, ulah sok japilus galih=pulus
Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi=lompong
Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati=walimah
Awi ngora teh jaradi, temah matak jadi liwung=iwung
Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan=sero
Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi=kapal udara
Ayeuna ge sereh tegal, engkang mah sok matak peurih=eurih
Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri=areng
Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit=elos
Bale direka masjid, nya pikir bati rumanjug=tajug
Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak=bayawak
Bango hejo herang jangjang, piraku engkang ka abdi=merak
Bango leutik bodas hulu, mo samar ka diri abdi=camar
Bareto ge batur pirus, juragan geuning pelekik=akik
Batuk eungap hese damang, sae sumping bae wengi=mengi
Beas ditutuan deui, iraha atuh patepung=tipung
Bedil langit handaruan, engkang sapertos kalinglap=gelap
Bedog urang Darmaraja, kawantu abdi mah miskin=sekin
Belut sisit saba darat, kapiraray sinag wengi=oray
Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita=kareta
Bentang baranang diimah, samar bisa tepung deui=damar
Bedug wedalan eropa, abdi teu asa dipuji=tanji
Beulit cinggir simpay tangan, ulah lali ka sim abdi=ali
Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan=amismata
Beusi bodas cingcin kecrik, cumah bae dipicinta=timah
Biasa ngadodol gula, abdi henteu dipaduli=gulali
Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti=roti
Cacangkir bahana beling, masing welas lahir bathin=gelas
Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha=toke
Careuh beureum pasawahan, nu dusun leuwih ti misti=lasun
Cariang beureum betina, nya pikir bati arewuh=
Catetan bulan jeung taun, juragan menak utami=alamenak
Cau gede ngan sasikat, taya teuing bagja diri=cau bagja
Cek lemek jawa sumuhun, hayang teh ulah kapanggih=enggih
Cukur jangkung pamuraan, kapalay siang jeung wengi=panglay
Cisusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing=mantega
Cucuk basa malayuna, duriat henteu laksana=duri
Dadamar di panggulingan, alim kanu kirang surti=kasur
Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdi mah alim=lem
Daun kasap kosok meja, tobat ulah nolas teuing=hampelasna
Daun tuhur na tangkalna,sok rus-ras kanu teu aya= kararas
Desember tangtu ditema, geulisna lir widadari=Januari
Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahooan=tewok
Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani=Cikuray
Dodol gula ditipungan, nu hina kaluli-luli=gulali
Dudukuy panjang gagangna, pikir bati ngalanglayung=payung
Dukun tukang ngemat hewan, abdi mah ku alim teuing=malim
Ekek lembut pupuntiran, tingseredet kana ati=cecendet
Enggeus ka palupuh nangtung, ayeuna geus kapimilik=bilik
Engkang teh ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai=ager
Gagang caruluk karadak, pantes mun rek dinyenyeri=langari
Gamparan mah sangu atah, keur menak kawuwuh sugih=gigih
Gedang atah keur lumayung, engkang mah jelema ginding=gumading
Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan=munara
Gedong ngambang di sagara, kapalang geus bela pati=kapal
Geulang leutik munggang tangan, siang wengi henteu lali=ali
Geus tangtu ngajukut laut, seueur teuing pipikiran=ager
Goreng endog rencang sangu, wayahna geus kadar diri=dadar
Gunting pameulahan jebug, kacipta salalamina=kacip
Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeri ati=meri
Hayam sawah dipiara, abong kanu ape diri= meri
Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri=puyuh
Hiris ngora deungeun sangu, abi mah kapok teh teuing=kapokan
Hui bulu rea akar, bongan sok rayungan teuing=kamayung
Imah leutik tempat ngaji, teu asa ngalanggar cegah=langgar
Imah ngambang di sagara, ulah kapalang nya bela=kapal
Indung kuar hama sirah, nu kitu ulah digugu=kutu
Insuting ngadaun tuhur, ari ras ka diri abdi=kararas
Isuk basa malayuna, tangtos abdi rek sayagi=pagi
Jagong tuhur beunang ngunun, dunungan bagea sumping=emping
Jalaran bibit kalapa, isin da abdi mah istri=kitri
Jampana bugang dadakan, panasaran diri kuring=pasaran
Jati leutik jagong ngora, dodolog kirang utami=semi
Jawadah tutung biritna, sacara-carana=cara
Jukut jangkung pipi gunung, hate abdi panas peurih=eurih
Kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati= gamet
Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring=jaat
Kacang jangkung leutik daun, engkang mah satria raris=hiris
Kadal gede saba darat, pareng alus bagja awak=bayawak
Kadeuleu langgir caina, kayap-keyep anu geulis=keuyeup
Kalapa babakal minyak, nu ampuh tiis raspati=cipati
Kalong leutik saba gedang, sumedot rasaning ati=cocodot
Kararas daun kalapa, teu aya nu ngabangbrangkeun=barangbang
Kasintu di sisi situ, nu hayang kawanti-wanti=hayam
Kauntun tipung katambang beas, laksana meunang ijasah=laksa
Kebon pare dicaian, siwah niat jalir jangji=sawah
Kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih=salasih
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran=jeruk
Kembang jambe kara beukah, kumayangyang pikir abdi=mayang
Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati=bedug
Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikran=langlayangan
Ketuk leutik panayagan, ka abdi mah ningnang teh teuing=bonang
Keuyeup gede saba laut, teu hade liar ti peuting=kapiting
Koja awi dihuaan, sageuy lamun teu kasorang=korang
Kokotor saluar awak, da sanes rek iri dengki=daki
Kota kuloneun Lampegan, purah-purah tunggu burni=Sukabumi
Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri=kuku
Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan=warirang
Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima=tuma
Cag......
(Nyutan tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran=jeruk
Kembang jambe kara beukah, kumayangyang pikir abdi=mayang
Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati=bedug
Kertas kabur kaanginan, kumalayang pipikran=langlayangan
Ketuk leutik panayagan, ka abdi mah ningnang teh teuing=bonang
Keuyeup gede saba laut, teu hade liar ti peuting=kapiting
Koja awi dihuaan, sageuy lamun teu kasorang=korang
Kokotor saluar awak, da sanes rek iri dengki=daki
Kota kuloneun Lampegan, purah-purah tunggu burni=Sukabumi
Kulit teuas tungtung ramo, baku osok nganyenyeri=kuku
Kuring teh kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan=warirang
Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima=tuma
Cag......
(Nyutan tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa