Made Mandala

Jumat, 18 November 2011

Wanara

Assalamu'alaikum....sampurasun....lain, kieu dunungan.Asa kaingetan kuring teh.Kamari ningali monyet, kabeneran monyetna lindeuk, sigana mah keur gering, muriang mun jelema mah  meureun..heheheh atawa bisa wae diracun, da eta we disampeurkeun teh teu daekeun ingkah jauh.Ari rek ditekuk ku kuring, sieun ngareweg, da lumayan badag, teu jauhlah gedena jeung budak umur 4-5 taunan....Ningali monyet, breh we aya  ide keur posting peuting ieu, bari ngadagoan sakadang tunduh rawuh.

Sarerea oge pasti pada apal meureun nya, nu kumaha monyet. Euweuh nu aneh sabenerna mah, mun ditilik tina wujud jeung bentuknamah. Kadang sok ngarasa lucu malah mah ninggali wujugna, atuda sok asa ngeunteung.....hehe...Mun aya nu can apal bentuk jeung wujudna, tah kira-kira jiga gambar di handap.

Kuring mah katarik ku paripolahna, geura sok bandungan mun pareng ka kebon sato...eh...kebon binatang, atawa di mana wae mun kabeneran panggih jeung sakadang kunyuk.Sigana ceuk kuring, monyet kaasup salah sahiji sato nu pangsarakahna.Naha?.Kuring baheula kungsi ngurus monyet, ti anakna keneh....nya bangor nya cunihin,...disebut cunihin, aya alesanana nu teu perlu dibejerbeaskeun di dieu, bisi keuna ku Undang-undang Pornografi...pokona sok ngudag-ngudag awewe.....hahay..ma'lum nepika mangkat beger teu panggih jeung bikang.

Mun diparaban, leungeun katuhu atawa leungeun kenca geus nyekel hakaneun, heg di asongan deui, eh na da lain embung, malah dicokot ku leungeun nu teu  nyekel.Ari sugan teh rek eureun ari geus ranggem mah.Tapi henteu, diasongan dicokot deui, tuluy dicekel ku suku, padahal dua pipi geus kembu pinuh ku hakaneun, leungeun kenca katuhu ranggem, suku duanana ranggem.Sigana satungtung diasongan jeung satutungtung bisa nyekel, naon wae pasti ditarima.Malah henteu nepika kitu ketang, tampolana aya nu lain mah cul we nu keur dihakan oge.

Tapi sasarakah-sarakahna  monyet. Kasebutna sato, nu kur boga napsu, teu leuwih sarakah batan jelema....punten, henteu kabeh, ngan diantarana, aya pan.Ari monyet mah meureun kabeh kitu ditiduna, ari jelema  mah henteu...hehe...tina 10 urang paling 9 urang nu sarakahna.....eh..salah, saurang maksud teh.

Ari monyet mah mun maling di hiji kebon, anu dicokot teh ngan ukur nu bisa dihakan saharitaeun. Can pernah kuring manggih monyet nu maling sampeu di kebon, diringkid jeung tangkalna, dauna tara,  komo nepika ngaringkid pager kebona mah.Jeungna deui, tara meureun monyet mah maling keur bekel isuk atawa pageto, cukup ukur seubeuh beuteungna harita.Can panggih deuih jeung monyet nu ngajual sampeu meunang maling ka pasar.Beda jeung jelema, mun maling sampeu dikebon batur, nya sampeuna diringkid sakebonan, dauna digembol keur parab domba, tangkalna dipanggul keur pelakeuneun di pipir imah. Masih can cukup, pagerna didudut keur suluh...hehe...jigana nu diagemna asas manfaat jeung asas mangpang-meungpeung.Abong jelema nya mahluk nu pangsampurna-sampurnana...Cag ah


e




Tidak ada komentar:

Posting Komentar