Made Mandala

Sabtu, 19 November 2011

Lalandakan jeung Oray-orayan

create a gif
Sumber poto: westjavainvest.com

Lalandakan
Lalandakan nyaeta kaulinan nu niron-niron landak. Sangkan salah saurang "jadi landak", memeh prung teh ngarawih heula, ngawihan jalma nu rek dijieun landak tea.

Landak-landak sonari
kop cau kop tiwu
hakaneun sia janari
bekel miang ka batawi
kop jurig jarian
kop jurig tanggkod
kop jurig pacilingan
kop jurig onom

Rengse dikawihan, landak teh sebrut ngudag ka ditu kadieu. Nu diudag tingalair lalumpat bari tingcerewet "Aya landak....! Aya lanadak ...!"..cenah

Oray-orayan
Barudak nu rek arulin oray-orayan samemehna silih cekel taktak heula. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana, jst. Geus kitu tuluy maju ka kenca ka katuhu, katempona ngaleor siga oray. Bari luar-leor kitu teh ngarawih:

Oray-orayan
luar-leor ka sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
luar-leor mapay leuwi
tong leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon
oray bungka
bungka naon
bungka laut
laut naon
laut dipa
dipa naon
di pandeuri,...ri...ri...ri..

(Huluna tuluy ngudag-ngudag buntutna bari disada "kok, kok, kok, kok,....")


(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar