Hahayaman
Hahayaman nyaeta kaulinan nu merlukeun jalma rea. carana nguriling nyieun bunderan bari pacekel-cekel. Saurang aya nu jadi hayam, jeung saurang deui aya nu jadi careuhna.Nu jadi careuh salawasna ngudag-ngudag hayam tepi ka beunangna. Nu jadi hayam dibere kalonggaran pikeun kaluar asup tina bunderan. Sedeng nu jadi careuh mah teu dibere jalan. Nu matak nu jadi hayam teh sok lila katewakna ku nu jadi careuh. mun geus katewak, nu jadi hayam jeung ajdi careuha diganti ku anu sejen.
Hong-hongan.
Hong-hongan meh sarua jeung ucing sumput. Bedana teh hong-hongan mah make tihang, minangka tempat cicingna nu neangan. Si A upamana kagiliran purah neangan. Si A upamana kagiliran purah neangan. Cicingna teh deukeut tihang tea, bari ngajaga sangkan tihang ulah kacampa ku nu nyumput.
Nu nyarumput poma ulah katempo ku nu jaga tihang. Mun katempo, nu jaga geuwat ngagorowok "Cambal...!" cenah. Mun geus dicambalkeun kitu, nu geus dihongkeun teh kaci nyarumput deui. Sedengkeun lamun nu nyarumput bisa kahongkeun kabeh tur tihang taya nu nyampa, nu jaga tihang bisa milu nyumput bari masrahkeun tihang jaga ka jalma nu pangheulana dihongkeun.
(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Tidak ada komentar:
Lebetkeun Komentar Pangersa