Sumber poto logo: humasindramayu.com
Kaulinan cingciripit atawa sok aya nu nebut dingding kiripik mangrupa kaulinan anu basajan. Ngan merelukeun batur tiluan atawa opatan. Carana, nu saurang namprakkeun leungeun, ari nu sejenna ngasupkeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakeun tea. Anu namprakeun nu purah ngawih.
Cingciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna curuk tea.
jol Pa Dalang
mawa wayang jek-jek-nong..
Waktu nyebutkeun "jek-jek nong" dampal leungeunna dikeupeulkeun, pikeun nyapit curuk tea.
(Dicutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar